:

1 Korinta 7

1

Ayeuna ngeunaan masalah anu ditulis dina surat aranjeun. Lalaki alus lamun teu kawin.

2

Tapi ku sabab loba gogoda, leuwih hade kawin, boga pamajikan sorangan, awewe boga salaki sorangan.

3

Salaki kudu nyumponan kawajiban ka pamajikan, pamajikan kudu nyumponan kawajiban ka salaki, duanana kudu silih sugemakeun.

4

Pamajikan taya hakna ka dirina, dirina hak salakina. Salaki ge taya hakna ka dirina, dirina hak pamajikanana.

5

Sare ulah papisah, kajaba sawaktu-waktu upama arek tapakur, tapi masing-masing kudu satuju heula. Sanggeusna mah kudu raket reujeung deui, netepan kawajiban laki rabi, supaya henteu kagoda ku Iblis ku lantaran henteu kuat ngabendung napsu.

6

Sakadar nasehat bae ieu mah, lain parentah.

7

Saenyana sim kuring leuwih satuju lamun aranjeun cara sim kuring, teu karawin. Tapi da bakat urang ti Allah teh beda-beda, nu itu kitu nu ieu kieu.

8

Ayeuna nasehat pikeun anu tacan kawin, jeung awewe randa. Hadena mah angger nyorangan cara sim kuring.

9

Tapi ari teu tahan mah pek bae kawin, sabab ti batan marudah napsu mending kawin.

10

Pikeun anu eukeur laki rabi, ieu aya nasehat. Lain ti sim kuring, tapi nasehat ti Gusti. Pamajikan teu meunang ninggalkeun salaki.

11

Tapi lamun nepi ka ninggalkeun kudu tetep lelengohan, atawa alusna mah balik deui ka salaki, kitu deui salaki teu meunang nyerahkeun pamajikan.

12

Nasehat ka anu sejenna (ieu mah nasehat ti sim kuring, lain ti Gusti): Lamun salakina Kristen, pamajikanana lain tapi daek hirup babarengan, ulah diserahkeun.

13

Lamun pamajikanana Kristen, lalakina lain tapi daek hirup babarengan, ulah menta pepegatan.

14

Sabab sanajan salakina lain umat nu percaya, tapi ku sabab ngahiji jeung pamajikanana anu Kristen, ku Allah ditampi. Kitu keneh pamajikan anu lain umat percaya, ku sabab hirup ngahiji jeung salakina anu Kristen, ku Allah ditampi. Sabab lamun henteu kitu barudakna tangtu kawas barudak tuna agama, padahal barudakna teh kagungan Allah.

15

Tapi lamun salah saurang anu lain Kristen hayang pegat ti batur hirupna anu Kristen, ulah dihalang-halang, pegatkeun bae, meunang. Dina hal kieu, boh lalakina boh awewena anu Kristen bisa bebas, sabab kahoyong Allah umat-Na teh hirup rukun.

16

Sabab anjeun, bojo anu percaya ka Kristus, kumaha rek bisa ngarasa pasti yen moal bisa nyalametkeun salaki? Kitu keneh salaki anu Kristen, kumaha rek bisa ngarasa pasti yen moal bisa nyalametkeun pamajikan?

17

Masing-masing kudu hirup nuturkeun panuyun Allah, sakumaha anu geus diatur ku Mantenna waktu masing-masing mimiti disaur. Hal ieu diajarkeun ku sim kuring di unggal jamaah.

18

Upamana, jelema anu waktu disaur ku Allah enggeus disunat, teu kudu ihtiar supaya tanda sunatna leungit. Jelema anu waktu disaur ku Allah tacan disunat, ulah menta disunat.

19

Disunat teu disunat teu jadi sual, nu utama mah nurut kana parentah-parentah Allah.

20

Sing tetep-tetep hirup sakumaha waktu mimiti meunang panyaur Allah.

21

Lamun keur waktu disaur keur jadi abdi, teu kudu jadi pikiran. Ngan lamun aya kasempetan bebas, eta kasempetan gunakeun.

22

Sabab hiji abdi anu geus disaur ku Gusti, tanda yen jelema bebas kagungan Gusti. Kitu keneh jelema bebas anu geus disaur ku Kristus, dirina teh abdi Anjeunna.

23

Aranjeun teh ku Allah geus digaleuh mahal, anu matak ulah jadi abdina sasama manusa.

24

Kitu dulur-dulur, sing tetep-tetep aya di Allah sakumaha kaayaan waktu disaur ku Mantenna.

25

Ayeuna sual nu tacan karawin. Tina sual ieu sim kuring teu meunang pituduh naon-naon ti Gusti. Tapi ku karana rahmat Gusti, sim kuring bisa bae dipercaya, rek mere nasehat.

26

Ngingetkeun ayeuna teh jaman susah, ceuk pangrasa sim kuring mah nu tacan karawin teh mending tetep lalagasan.

27

Geus kawin? Ulah pepegatan. Can kawin? Tong hayang boga pamajikan.

28

Tapi kawin oge teu naon-naon, henteu dosa. Awewe ge nya kitu keneh, anu tadina lengoh tuluy kawin teu naon-naon, henteu dosa. Ngan kawin teh loba karepot, unggal poe loba uruseun. Karunya sim kuring mah, hayang aranjeun ulah boga karidu.

29

Kieu sababna: Ieu jaman teh geus cueut. Jadi ti ayeuna keneh anu geus baroga pamajikan kudu cara nu teu boga;

30

anu ceurik ulah kaciri nalangsa, anu seuri ulah kaciri meunang kabungah, anu barangbeuli ulah asa geus boga naon-naon,

31

anu icikibung dina pausahaan ulah siga aya patalina jeung eta. Sabab dunya ieu dina kaayaanana kiwari, umurna moal lila deui.

32

Kahayang sim kuring aranjeun ulah aya karidu naon-naon. Lalaki anu teu kawin tangtu bisa museurkeun pikiran kana hal-hal anu tumali jeung Gusti, pikeun nyenangkeun manah-Na.

33

Ari geus rumah tangga mah tangtu teu kaur kitu balas ngurus rumah tangga, malar pamajikanana senangeun hatena;

34

pikiranana jadi ngarancabang. Awewe anu teu kawin atawa parawan, bisa laluasa ngawulakeun diri ka Gusti, ngabaktikeun jiwa ragana. Ari boga salaki mah tangtu moal kaur kitu, repot ku urusan rumah tanggana, malar kapake ku salakina.

35

Nganasehatan soteh hayang ngentengkeun. Lain ngalarang kitu ngalarang kieu, hayang memener hirup aranjeun, supaya aranjeun bisa museurkeun pikiran ka Gusti.

36

Lamun aya lalaki anu mutuskeun moal tulus kawin padahal eukeur tunangan, kieu: Lamun eta lalaki ngarasa putusanana kitu teh ngaraheutan hate kakasihna, tur manehna ge geus teu kuat hayang kawin, ngarasa wajib ngawin kakasihna, kawin bae. Eta lain dosa.

37

Tapi lamun putusan hatena moal kawin teh lain putusan kapaksa sarta bener henteu kawin, memang kitu hadena, asal kuat.

38

Cindekna, lalaki anu kawin teh alus, tapi anu henteu kawin leuwih alus.

39

Awewe anu kawin katalian ku salakina sapanjang salakina hirup keneh. Meunang engke kawin deui ka lalaki kasukana, lamun salakina geus maot, tapi kudu ka urang Kristen keneh.

40

Tapi bakal leuwih bagja lamun manehna tetep lelengohan. Kitu pangrasa sim kuring, anu ceuk rarasaan mah meunang ngalelempeng Roh Allah.

Link: